PIDATO BAHASA SUNDA TENTANG ORANG YANG TIDAK AKAN MASUK SURGA
Table of Contents
kali ini admin postingkan mengenai pidato sunda tentang orang yang tidak akan masuk surga silahkan dibawah ini.
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Puji anu geus maranti sumangga urang panjatkeun ka Dzat
anu Maha Suci, Syukur anu geus ti kapungkur sumangga urang sami-sami panjatkeun
ka Dzat anu Maha Ghopur,anu jadi sumberna manusa bisa Syukur.
Solawat Salam sumangga urang sami-sami sanggakeun kanu
jadi sinarna alam, tegesna Nabi urang sadaya Nabi Muhammad Saw. Teu hilap ka
kulawargina, para sahabatna, tabi’in tabi’atna, tug dugi ka urang sadaya selaku
umat na.amin,,,
Hadirin Rohimakumulloh
Widian simkuring ngadeg di
payun ieu insyaalloh bade ngaoskeun hiji hadist anu unggelna kieu.
Bu, Pak, hoyong uninga
hartosna,,,? Sok kupingkeun teu kenging aya nu recet, Ibu, Bapak, tilu golongan
jalmi anu moal asup ka surga jeung teu kenging rahmat ti gusti Alloh.
Anu kahiji, Jalmi anu sok ngagegeringanan ka Indung Bapa,
baik ucapan, padamelan, atawa ku naon bae tingkah anu matak nganyeurikeun ka
Ibu Rama.
Kadua, Istri anu nyarupaan ka Carogena. Sakuduna Caroge
marentah kanu janten Istrina, tapi ieu mah ti balik Istri angkuh ku
kageulisanana, angkuh ku kangoraanana, oge angkuh kuluhur pangkat jeung
turunanana, sehingga Carogena ngarasa sieun kunu janteun Istrina.
Katilu, Jalma anu dayus. Bu, Pak, ari dayus teh nyaeta
ngantep dina maksiyat. Contohna saperti kieu Bu, Pak, Indungna daek ibadah,
Bapana daek ibadah, tapi Anakna teu daek bari diantep kunu janten Indung
Bapana, tah nu kitu ngarana Kolot dayus.
Ibu, Bapak, tah nu tilu ieu moal asup ka surga satungtung
can tobat dina waktu hirupna. Mudah-mudahan Urang Sadayana heunteu ka
golongkeun Jalmi anu dayus, amin,,,,
Ibu, Bapak, mung sakitu anu tiasa kadugikeun ku
simkuring, leresna tina agama, lepatna tina kabodohan simkuring.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
Demikianlah yang saya sampaikan mengenai pidato sunda orang yang tidak mendapat rahmat Allah semoga bermanfaat.
Demikianlah yang saya sampaikan mengenai pidato sunda orang yang tidak mendapat rahmat Allah semoga bermanfaat.